Dongeng Bahasa Sunda : PEUCANG KEUNA KU LEUGEUT
PEUCANG KEUNA KU LEUGEUT Kacaritakeun aya hiji patani, cicingna di sisi leuweung. Ayeuna manehna teh keur melak palawija, kayaning bonteng, terong, jeung sajabana. Pepelakanana aralus tur marulus, kawantu hade omena. Ngan hanjakal geus sababaraha poe pepelakanana teh raruksak, pangpangna mah pelak bontengna. Patani oge nyahoeun yen anu ngaruksak jeung ngaranjah kebonna teh nyaeta peucang, sabab kungsi kanyahoan ku manehna. Patani teh neangan akal sangkan kebonna heunteu diranjah bae ku peucang. Terus bae atuh manehna teh nyieun bebegig. Lebah aawakanana ditapelan ku leugeut teureup. Ete bebegig teh ditunda di tengah-tengah kebon. Pasosore, saperti biasa, peucang teh datang deui ka kebon patani tea. Maksudna rek ngala bonteng. Barang srog ka kebon, manehna teu buru-buru asup, lantaran aya nu ngajanteng d...







Komentar
Posting Komentar