Dongeng Bahasa Sunda : PEUCANG KEUNA KU LEUGEUT

PEUCANG KEUNA KU LEUGEUT


           Kacaritakeun aya hiji patani, cicingna di sisi leuweung. Ayeuna manehna teh keur melak palawija, kayaning bonteng, terong, jeung sajabana. Pepelakanana aralus tur marulus, kawantu hade omena. Ngan hanjakal geus sababaraha poe pepelakanana teh raruksak, pangpangna mah pelak bontengna. Patani oge nyahoeun yen anu ngaruksak jeung ngaranjah kebonna teh nyaeta peucang, sabab kungsi kanyahoan ku manehna.

            Patani teh neangan akal sangkan kebonna heunteu diranjah bae ku peucang. Terus bae atuh manehna teh nyieun bebegig. Lebah aawakanana ditapelan ku leugeut teureup. Ete bebegig teh ditunda di tengah-tengah kebon.
            Pasosore, saperti biasa, peucang teh datang deui ka kebon patani tea. Maksudna rek ngala bonteng. Barang srog ka kebon, manehna teu buru-buru asup, lantaran aya nu ngajanteng di tengah-tengah kebon. Peucang teh nyalingker kana pager. Nyerangkeun nu ngajanteng bari ditelek-telek. Eh, geuning teu obah-obah? Ku peucang digeroan, nu di tengah kebon angger ngajanteng. Jelema lain eta teh? Geuning make baju? Make dudukuy deuih. Tapi teu obah-obah?
            Lalaunan peucang teh kaluar tina panyumputanana. Terus ngeteyep ngadeukeutan nu ngajanteng tea. Barang geus deukeut tur awas ka nu ngajanteng tea, barakatak teh peucang seuri.
            Pokna, “Na sia teh nyingsieunan ka aing! Sugan teh manusa, boro aing nyumput, nanaonan maneh ngajanteng di dieu? Dicabok siah ku aing!” Ngomong kituna teh bari gaplok bae bebegig teh dicabok ku suku hareupna nu katuhu. Ari gaplok, ari pel bae sukuna napel kana bebegig tea, kawantu bebegig teh make leugeut teureup.
            “Eh siah make jeung newak sagala! Hayang dicabok deui ku aing?” Gaplok deui bebegig dicabok ku suku hareupna anu kenca. Pel deui bae napel kana bebegig.
            “Itu geura, nanaonan ari sia! Ieu kalah newak kana suku. Hayang ditajong ku aing? Nyaan ieu teh, nyaan, hayang ditajong? Lesotkeun atuh, da tadi mah kuring the banyol. Sot, lesotkeun! Bisi ditajong! Eh, nyaan meureun maneh mah hayang ditajong!” peucang ngawahan, gaplok deui bae bebegig teh ditajong sataker tanaga. Ari jebrod, ari pel bae napel kana leugeut teureup rapet pisan. Peucang gogorowokan jeung tulung-tulungan.
            Teu lila torojol patani.
            “Beunang ayeuna mah nu sok malingan bonteng teh,” ceuk patani. Kerewek peucang teh ditewak, terus diringkus. Rigidig bae dipanggul. Peucang teh dibawa ka imah patani, rek dipeuncit.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

CERITA RAKYAT "KESOMBONGAN PEMUDA JAGO PANAH"

TEMPAT WISATA YANG WAJIB DI KUNJUNGI DI BENGKULU